Jumat, 16 Desember 2016

Tulisan ini merupakan esai yang aku ajukan pada saat wawancara penerimaan staff Ais Pangampih 2016 di Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda. Pada tanggal, 15 Desember 2016. sebuah persembahan untuk sahabat tercinta selama kuliah di sastra sunda SADAPATAS (Sastra Sunda Angkatan Dua Ribu Empat Belas). terimakasih tak terhingga dari hati yang terdalam, tanpa kalian aku tak akan bisa melewati masa-masa yang kelam kemarin.

“Deudeuh ka PAMASS”

Dua taun katukang kuring nampi pengumuman online di web SBMPTN. Sanés bungah nu dirasa, haté asa ragrag, katajong, ditincak jeung di jejek. Geus teu bisa kabayangkeun deui kumaha rasana harita, pas nampi kabar kalulusan, yén kuring katampi di jurusan Sastra Sunda Universitas Padjajaran. Sanajan loba nu masihan do’a sareng sumanget. Haté mah teu bisa kaubaran ku ucap. keukeuh peurih jeung handeueul. Meni asa hanjakal milih jurusan sastra sunda keur harita daftar tes SBMPTN.

Nu dipika deudeuh, nu dipika hayang,anu aya kaucap tina tiap sujud, tina unggal du’a, nikakeun aya dina tiap carita ka babaturan keur di MA, Teu bisa kacumponan. Teu gampang narimakeun kaayaan, tadina moal waé dicokot ieu kasempetan téh. Tapi hirup teu mikiran kahayang sorangan hungkul, aya angen-angen kolot, angen-angen sakola, jeung angen-angen tatangnga ogé deungen-deungeun.
Kahirupan kampus nu kabayang bakal mulus, ngarasa geus boga bekel élmu basa harita keur di MA kénéh, sok leukeun ngiluan kagiatan diluar sakola nu bisa mang-mingu-mingu di luar kota neupi pernah sabulan ningalkeun imah. Teu bisa disaruakeun jeung hirup sorangan nyanghareupan kaayaan kuliah, sagala jadi tanggungwaler nyalira, ti mimiti beunta dina waktu panon poé rék moncorong nepi ka peureumna tuluy balik deui beunta, éta jadi kaputusan sorangan. Hirup kumaha sorangan, sukses henteuna sorangan nu ngalakonan.

Butuh dua taun kanggo kuring bisa ngarti, rék naon di sastra sunda, jeung  kunaon gusti nu widi téh ngajadikeun kuring aya di dieu. sagala ka tangtuanna pasti aya alesan nu bakal jadi manpaat jang kahirupan kuring salaku hambana.

PAMASS dina kamadang kuring, mangrupakeun padumukan nu ka sabarahiji mah, Tina sababara tempat nu geus ku kuring jadikeun padumukan, lian ti padumukan saenyana nu dicicingan ku indung jeung bapa  ogé ku rai jeung raka. Bisa dicaritakeun mah mun lain aya PAMASS meureun geus eweuh pisan kahayang indit ka kampus téh. Tapi gusti nu maha suci mah pasti boga sagala ubar keur umatna nu can éling kana takdir jeung ka tangtuanna.
Loba hareupan kuring ka PAMASS, lain ti ayeuna datangna. Tapi, ti waktu kuring apal yén sastra sunda ngabogaan HIMA nu ngarana PAMASS. Asa reugreug haté anu remuk basa harita.  ku ngadéngé ngaran PAMASS bisa jadi ubar keur haté nu nalangsa, asa jadi jalma anu teger, singer jeung bener. Hartina loba pisan kamandang positip kana naon-naon anu bakal dilakonan ku PAMASS, jeung teu sagawayah jelema bisa asup jeung ka aku jadi wadya balada PAMASS. Angkatan 2012 anu jadi eunteung ngenaan PAMASS. Ku aya na kang ijal jeung réngrénganna, tidinya kuring aya saeutik tekad jang ngabubungah haté ka kaayaan kuliah di sastra sunda.

Seuweu siwi siliwangi, nu aya dina karatagan PAMASS di hatéan ku kuring. Kuring miharep pisan, lain kuring hungkul nu kitu, tapi kabeh entragan boga kamandang kawas kieu. Sangkan sunda bisa nanjeur di buana. Teu jadi pondok harepan kuring ka PAMASS, ku ningali tiap kagiatan nu diayakeun. Pasti pada nyekel kamandang kitu, yakin jeung kudu yakin, kuring percaya sunda bisa nanjeur lamun urang bener, nanging gusti nu maha kawasa nu bakal nembongkeun.

Tekad nu di piboga, lain saukur tina hawa napsu jeung kapeurih anu ka gugu, tapi dibarengan ku istighfar yén tina tiap kecap nu kuring tulis bisa di ceukeul tanggungwalerna, Aamiin.

PAMASS geus boga sagalana, kuring arék jadi jalma tambarakan tina pasoalan kawas kieu, tambarakan dina nyandak sagala rupa élmu nu aya di jerona. Da ceuk agama gé teu matak jadi dosa malah jadi pahala pikeun jalma anu ngalakonanna, hiji nu kurang ti PAMASS nyaéta, élmu agama nu teu dijadikeun dasar, padahal sunda boga runtuyan carita nu nguatkeun yén katurunan Adam (buka buku sajarah kabudayaan sunda karya Edi) nu kadieuna keun jadi istilah sunda wiwitan, sunda asli atawa sunda asal.

Sabilulungan, dasar gotong royong, Sabilulungan sipat silih rojong, Sabilulungan persatuan tembong. Kitu mereun naon nu arék ku kuring gawéan di PAMASS jang sastra sunda ka hareupna. Moal bisa kuring sorangan jang nanjeurkeun PAMASS, kuring butuh sakabéh entragan boga sumanget nu sajajar, boga sikep jeung dedikasi nu luhur sangkan sunda bisa nanjeur di Buana. Jeung PAMASS bisa jadi alat jang nanjeurkeun na. jadi gantar lamun Sunda kudu di tangtungkeun kaluhur, jadi tameng lamun Sunda butuh dijaga,  jadi sabab lamun sunda kudu maju, jadi jelema lamun sunda ruhna, lamun sunda imahna, mangka kuring jeung babaturan saparakanca anu nempatanna. Bersih, alus jeung ramé ogé manfaatna éta imah kumaha nu ngeusianna nyaéta urang. Urang salaku mahasiswa Sastra Sunda boga tanggungwaler anu kacida beuratna, tanggungwaler ngajaga kahadéananu geus dijieun ku karuhun urang salaréa.


Ditulis, 14-15 desember 2016 
ku Cinta (pia maryana)
Jatinangor (rumah kasih bagi penggila ilmu)

2 komentar:

  1. Aku ga begitu lancar bahasa sunda, apalagi kalau harus bikin tulisan kek gini bisa berantakan kayaknya 😁 kereen keren

    BalasHapus
    Balasan
    1. aamiin. haha, aku juga coba2 dan kebetulan juga aku kuliah di sastra sunda. jadi bisalah sedikit2 (dan masih banyak berlatih)

      Hapus