Tulisan ini merupakan esai yang aku ajukan pada saat wawancara penerimaan staff Ais Pangampih 2016 di Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda. Pada tanggal, 15 Desember 2016. sebuah persembahan untuk sahabat tercinta selama kuliah di sastra sunda SADAPATAS (Sastra Sunda Angkatan Dua Ribu Empat Belas). terimakasih tak terhingga dari hati yang terdalam, tanpa kalian aku tak akan bisa melewati masa-masa yang kelam kemarin.
“Deudeuh ka
PAMASS”
Dua taun katukang kuring nampi pengumuman online di
web SBMPTN. Sanés bungah nu dirasa, haté asa ragrag, katajong, ditincak jeung
di jejek. Geus teu bisa kabayangkeun deui kumaha rasana harita, pas nampi kabar
kalulusan, yén kuring katampi di jurusan Sastra Sunda Universitas Padjajaran.
Sanajan loba nu masihan do’a sareng sumanget. Haté mah teu bisa kaubaran ku
ucap. keukeuh peurih jeung handeueul. Meni asa hanjakal milih jurusan sastra
sunda keur harita daftar tes SBMPTN.
Nu dipika deudeuh, nu dipika hayang,anu aya kaucap
tina tiap sujud, tina unggal du’a, nikakeun aya dina tiap carita ka babaturan
keur di MA, Teu bisa kacumponan. Teu gampang narimakeun kaayaan, tadina moal
waé dicokot ieu kasempetan téh. Tapi hirup teu mikiran kahayang sorangan
hungkul, aya angen-angen kolot, angen-angen sakola, jeung angen-angen tatangnga
ogé deungen-deungeun.
Kahirupan kampus nu kabayang bakal mulus, ngarasa geus
boga bekel élmu basa harita keur di MA kénéh, sok leukeun ngiluan kagiatan
diluar sakola nu bisa mang-mingu-mingu di luar kota neupi pernah sabulan
ningalkeun imah. Teu bisa disaruakeun jeung hirup sorangan nyanghareupan
kaayaan kuliah, sagala jadi tanggungwaler nyalira, ti mimiti beunta dina waktu
panon poé rék moncorong nepi ka peureumna tuluy balik deui beunta, éta jadi
kaputusan sorangan. Hirup kumaha sorangan, sukses henteuna sorangan nu
ngalakonan.
Butuh dua taun kanggo kuring bisa ngarti, rék naon di
sastra sunda, jeung kunaon gusti nu widi
téh ngajadikeun kuring aya di dieu. sagala ka tangtuanna pasti aya alesan nu
bakal jadi manpaat jang kahirupan kuring salaku hambana.
PAMASS dina kamadang kuring, mangrupakeun padumukan nu
ka sabarahiji mah, Tina sababara tempat nu geus ku kuring jadikeun padumukan,
lian ti padumukan saenyana nu dicicingan ku indung jeung bapa ogé ku rai jeung raka. Bisa dicaritakeun mah
mun lain aya PAMASS meureun geus eweuh pisan kahayang indit ka kampus téh. Tapi
gusti nu maha suci mah pasti boga sagala ubar keur umatna nu can éling kana
takdir jeung ka tangtuanna.
Loba hareupan kuring ka PAMASS, lain ti ayeuna
datangna. Tapi, ti waktu kuring apal yén sastra sunda ngabogaan HIMA nu ngarana
PAMASS. Asa reugreug haté anu remuk basa harita. ku ngadéngé ngaran PAMASS bisa jadi ubar keur
haté nu nalangsa, asa jadi jalma anu teger, singer jeung bener. Hartina loba
pisan kamandang positip kana naon-naon anu bakal dilakonan ku PAMASS, jeung teu
sagawayah jelema bisa asup jeung ka aku jadi wadya balada PAMASS. Angkatan 2012
anu jadi eunteung ngenaan PAMASS. Ku aya na kang ijal jeung réngrénganna,
tidinya kuring aya saeutik tekad jang ngabubungah haté ka kaayaan kuliah di
sastra sunda.
Seuweu siwi siliwangi, nu aya dina karatagan PAMASS di
hatéan ku kuring. Kuring miharep pisan, lain kuring hungkul nu kitu, tapi kabeh
entragan boga kamandang kawas kieu. Sangkan sunda bisa nanjeur di buana. Teu
jadi pondok harepan kuring ka PAMASS, ku ningali tiap kagiatan nu diayakeun. Pasti
pada nyekel kamandang kitu, yakin jeung kudu yakin, kuring percaya sunda bisa
nanjeur lamun urang bener, nanging gusti nu maha kawasa nu bakal nembongkeun.
Tekad nu di piboga, lain saukur tina hawa napsu jeung
kapeurih anu ka gugu, tapi dibarengan ku istighfar yén tina tiap kecap nu
kuring tulis bisa di ceukeul tanggungwalerna, Aamiin.
PAMASS geus boga sagalana, kuring arék jadi jalma
tambarakan tina pasoalan kawas kieu, tambarakan dina nyandak sagala rupa élmu
nu aya di jerona. Da ceuk agama gé teu matak jadi dosa malah jadi pahala pikeun
jalma anu ngalakonanna, hiji nu kurang ti PAMASS nyaéta, élmu agama nu teu
dijadikeun dasar, padahal sunda boga runtuyan carita nu nguatkeun yén katurunan
Adam (buka buku sajarah kabudayaan sunda karya Edi) nu kadieuna keun jadi istilah
sunda wiwitan, sunda asli atawa sunda asal.
Sabilulungan, dasar gotong royong, Sabilulungan sipat
silih rojong, Sabilulungan persatuan tembong. Kitu mereun naon nu arék ku
kuring gawéan di PAMASS jang sastra sunda ka hareupna. Moal bisa kuring
sorangan jang nanjeurkeun PAMASS, kuring butuh sakabéh entragan boga sumanget
nu sajajar, boga sikep jeung dedikasi nu luhur sangkan sunda bisa nanjeur di
Buana. Jeung PAMASS bisa jadi alat jang nanjeurkeun na. jadi gantar lamun Sunda
kudu di tangtungkeun kaluhur, jadi
tameng lamun Sunda butuh dijaga, jadi
sabab lamun sunda kudu maju, jadi jelema lamun sunda ruhna, lamun sunda imahna,
mangka kuring jeung babaturan saparakanca anu nempatanna. Bersih, alus jeung
ramé ogé manfaatna éta imah kumaha nu ngeusianna nyaéta urang. Urang salaku
mahasiswa Sastra Sunda boga tanggungwaler anu kacida beuratna, tanggungwaler
ngajaga kahadéananu geus dijieun ku karuhun urang salaréa.
Ditulis, 14-15 desember 2016
ku Cinta (pia maryana)
Jatinangor (rumah kasih bagi penggila ilmu)
Aku ga begitu lancar bahasa sunda, apalagi kalau harus bikin tulisan kek gini bisa berantakan kayaknya 😁 kereen keren
BalasHapusaamiin. haha, aku juga coba2 dan kebetulan juga aku kuliah di sastra sunda. jadi bisalah sedikit2 (dan masih banyak berlatih)
Hapus